Sony Xperia X Compact - Babagi jeung ngatur poto sareng video

background image

Babagi jeung ngatur poto sareng video

Anjeun bisa ngabagikeun poto jeung video nu disimpen dina alat Anjeun. Anjeun oge

tiasa ngatur poto jeung video dina rupa-rupa cara. Contona, anjeun tiasa ngatur poto

dina grup, mupus poto jeung ngaitkeun poto ka kontak. Lamun Anjeun gaduh seueur

poto nu disimpen dina alat Anjeun, alus pisan lamun rutin ditransperkeun kana komputer

atawa kana alat panyimpenan eksternal supados nyegah kaleungitan data nu teu

disangki-sangki. Ku cara kitu oge bakal mere rohang kosong dina alat Anjeun. Tingali

Ngatur payil nganggo komputer

di kaca 40.

Bisa jadi Anjeun teu tiasa niron, ngirim atawa nransfer item nu ditangtayungan ku hak cipta.

Oge, sababaraha item bisa jadi teu dikirim upami ukuran payil gede teuing.

Cara babagi poto atawa video

1

Di Albeum, panggihan poto atawa video nu hayang dibagijeun ku anjeun.

2

Ketok layar nu bade dipintonkeun di tulbar, teras ketok .

3

Ketok aplikasi nu hayang dipake babagi poto, teras turutan lengkah pikeun ngirim.

Cara make poto jadi gambar kontak

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, ketok layar pikeun mintonkeun tulbar,

teras ketok >

Pake jadi > Poto kontak.

2

Pilih kontak, teras edit poto nu dipikahoyong,

3

Ketok

SIMPEN.

Cara make poto jadi wallpaper

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, ketok layar pikeun mintonkeun tulbar,

teras ketok >

Pake jadi > Wallpaper.

2

Turutan pitunjuk di layar.

Cara muterkeun poto

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, ketok layar pikeun mintonkeun tulbar,

teras ketok .

2

Ketok

Puter, teras pilih hiji pilihan. Poto eta disimpen dina orientasi nu anyar.

Cara mupus poto atawa video

1

Sawaktos Anjeun keur nempo hiji poto, ketok layar pikeun mintonkeun tulbar,

teras ketok .

2

Ketok

Pupus.

109

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Cara ngagawean kumpulan poto atawa video di Albeum

1

Lamun nempo gambar leutik poto atawa video dina Albeum, toel jeung tahan hiji

item nepi ka disorot.

2

Ketok item sejenna nu hayang digawean ku anjeun jang milihna. Lamun Anjeun

hoyong milih kabeh item, ketok , terus ketok

Pilih kabeh.

3

Pake alat dina tulbar pikeun ngagawean item nu tos Anjeun pilih.